Lirik Lagu Darso - Sakur Ngimpi

Darso - Sakur Ngimpi Mp3



Saprak anjeun ngaleos 
Ngabeubeutkeun duriat 
Nirup asa nunggelis, hate mararingis 
Saprak anjeun ninggalkeun 
Ngararajet cinta urang 
Pikiran baluweng, pinuh ku emutan 

Sagala rasa, kabawa anjeun 
Saparo nyawa, ngilu ka anjeun 
Nikmatna hirup leungit teu nyesa 
Teuing kamana 
Letah teu mirasa sagala karasa pait 
Sare gulang guling hese peureum 

Kahayang mah, ieu teh sakur ngimpi 
Anu ngageuingkeun urang 
Tina kasombongan diri 
Kahayang mah, waktu teh ngulang deui 
Sabulan anu katukang 
Basa silih keukeupan 
Ngahelas, kaleungitan 

Ngorejat, seseblakan 
Lieuk euweuh 
Lieuk euweuh 
Ngagugulung lamunan 
Ngarep-ngarep, sakur ngimpi 
Ngarep-ngarep, anjeun datang 

Tiap detik ngan tatanya 
Dimana anjeun 
Letah teu mirasa sagala karasa pait 
Sare gulang guling hese peureum 
Kahayang mah, ieu teh sakur ngimpi 
Anu ngageuingkeun urang 

Tina kasombongan diri 
Kahayang mah, waktu teh ngulang deui 
Sabulan anu katukang 
Basa silih keukeupan 
Ngahelas, kaleungitan 
Ngorejat, seseblakan 
Lieuk euweuh 
Lieuk euweuh 

Ngagugulung lamunan 
Ngarep-ngarep, sakur ngimpi 
Ngarep-ngarep, anjeun datang 
Tiap detik ngan tatanya 
Dimana anjeun 
PERHATIAN : Blog Ini Tidak Menyediakan Link Download Mp3, Karena Itu Sangat Dilarang Dan Melanggar Hak Cipta, Lirik Lagu Di Atas Hak Cipta Sepenuhnya Milik Penulis, Pengarang, Label, Artist Dan Pihak Yang Bersangkutan Lainya.